header_ads

Rapat Paripurna Utama Minangkala Bogor Ke 532

BERITA BOGOR - DPRD Kabupaten Bogor Miharep Milangkala Bogor Tiasa Ronjatkeun Persatuan dan Kesatuan serta Kerja Nyata. 
 
Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kabupaten Bogor, ngagelar Sidang Paripurna Minangkala Bogor ka 532 tahun 2014, di Rohangan Gedong Tegar Beriman, Cibinong, Salasa (3/6/2014). 

Ketua DPRD Kabupaten Bogor, Hanafi, dina sidang ngucapkeun, kalawan sumanget milangkala Bogor ka-532 taun 2014, urang ronjatkeun persatuan jeung kesatuan pikeun ngawujudkeun Kabupaten Bogor jadi Kabupaten pangpunjulna di Indonesia.

“Sim kuring ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka sadaya warga Kabupaten Bogor, para inohong, sareng ka sakumna masyarakat ti mana wae, utamina anu parantos ngarojong kana pangwangunan di Kabupaten Bogor. Mung peryogi diemutan, wireh pangwangunan di kabupaten Bogor teh teu acan gembleng kahontal, margi ayana halangan sareng harungan. Nu hal eta, ieu teh mangrupi pancen kanggo urang sadaya, anu baris ditanggelwalerkeun boh lahirna boh batinna”, saur Hanafi.

Hanafi nambihkeun, mieling milangkala Bogor, ngandung hartos ayana surti ati anu mandiri mibanda rasa syukur tina mangpirang-pirang kanimatan anu tos dipaparinkeun ku Allah anu maha kawasa. Pamarentah sareng masyarakat Kabupaten Bogor tos tiasa metik naon anu tos dipidamel kalayan walatra, sok sanaos seueur keneh anu peryogi dibebenah sareng disampurnakeun.

“Dina mangsa anu bakal datang, mudah-mudahan naon rupi tarekah anu mangrupa wujud kagiatan, salawasna kengeng rido ti Allah SWT. Hayo urang sadaya silih asah silih asih silih asuh pikeun ngawujudkeun Kabupaten Bogor jadi Kabupaten pangpunjulna di Indonesia”, saur Ketua DPRD.

Salajengna, Ibu Wakil Bupati Bogor Nurhayanti nambihan, sim kuring ngahaturkeun sewu nuhun laksa keti kabingahan ka sakumna rengrengan pupuhu katut anggota DPRD Kabupaten Bogor anu parantos ngupayakeun acara kasundaan dina sawala langkep istimewa DPRD dina danget ieu.

“Mugi nambihna yuswa Kabupaten Bogor tiasa janten barokah sareng titimangsa kasajarahan anu ngahudang sumanget dina ngaronjatkeun pangwangunan pikeun ngawujudkeun Kabupaten Bogor janten Kabupaten pangpunjulna di Indonesia, kukung pengkuh, angger panger, pageuh akar budayana, hasil warisan kabinekasan ti karuhun, anu sakuduna jadi pamatri di kahirupan kiwari”, saur Wabup.

Nyondong dina acara sidang paripuna, Bakorpembang wilayah Bogor, Wakil Pupuhu miwah anggota DPRD Kabupaten Bogor, para inohong pimpinan daerah Kabupaten Bogor, Sekretaris Daerah Kabupaten Bogor miwah para pimpinan sareng rengrengananana sa-Kabupaten Bogor, para sesepuh Kabupaten Bogor, para inohong, para pupuhu organisasi politik, pupuhu ormas. (Rilis Diskominfo Kabupaten Bogor) 
 .
SELAMAT HARI JADI BOGOR Ke- 532

 




3/6/2014


Diberdayakan oleh Blogger.